16 November, 2016

DIAJAR BASA SUNDA

NGARAN ANAK-ANAKAN, KEKEMBANGAN, PUPUH
NGARAN ANAK-ANAKAN, KEKEMBANGAN, PUPUH


NGARAN ANAK-ANAKAN
Anak Jelema : orok
Anak buhaya : bocokok
Anak monyet : begog
Anak babi : begu
Anak bagong : bebenyit
Anak belut : kuntit
Anak kuda : belo
Anak ucing : bilatung
Anak munding : eneng
Anak bogo : cingok
Anak lele : nanahaon
Anak meri : titit
Anak japati : piyik
Anak hayam : ciak
Anak bandeng : nener
Anak lauk emas : burayak/kebul
Anak anjing : kirik
Anak gajah : menel
Anak domba : jando
Anak maung : aom
Anak sapi : pedet
Anak entog : titit
Anak bajing : kekes
Anak banteng : bangkanang
Anak boncel : bayong
Anak embe : ceme
Anak gabus : kocolan
Anak keuyeup : bonceret
Anak kutu : kuar
Anak lubang : leungli
Anak reungit : utek-utek
Anak lauk : huripan

NGARAN KEKEMBANGAN

Kembang cau : jantung
Kembang awi : eumbreuk
Kembang kawung : pengis
Kembang kadu : olohok
Kembang boled : atela
Kembang jengkol : merekenenyen
Kembang pare : ringsang
Kembang bawang : ulated
Kembang jambe : mayang
Kembang kalapa : suligar
Kembang tangkil : uceng
Kembang sampeu : dingdet
Kembang gedang : ingwang
Kembang kaso : curiwis
Kembang laja : jamtrot
Kembang jeruk : angkruk (angkes)
Kembang limus : seleksek
Kembang jambu batu : karuk
Kembang cengek : mencenges
Kembang jambu aer : lenyap
Kembang bako : bosongot
Kembang bolang : ancal
Kembang salak : gojod
Kembang muncang : rinuy
Kembang genjer : gelenye
Kembang eurih : ancul
Kembang koneng : badul
Kembang lopang : cacas
Kembang waluh : alewoh
Kembang engkol : kiciwis
Kembang cikur : jelengut
Kembang hoe : bubuay
Kembang jaat : jalinger
Kembang jarak : uing
Kembang jotang : puntung
Kembang leunca : pengit
Kembang peuteuy :

17 PUPUH SUNDA

KINANTI

Budak leutik bisa ngapung,
Babaku ngapungna peuting,
Ngalayang kakalayangan,
Neangan nu amis-amis,
Sarupaning bubuahan,
Naon bae nu kapanggih.

ASMARANDANA

Éling-éling mangka éling [8-i]
rumingkang di bumi alam [8-a]
darma wawayangan baé [8-é]
raga taya pangawasa [8-a]
lamun kasasar lampah [7-a]
nafsu nu matak kaduhung [8-u]
badan anu katempuhan [8-a]

SINOM

Warna-warna lauk émpang [8-a]
aya nu sami jeung pingping [8-i]
pagulung patumpang-tumpang [8-a]
Ratna Rengganis ningali [8-i]
warnaning lauk cai [7-i]
lalawak pating suruwuk [8-u]
sepat patingk(ar)océpat [(8)7-a]
julung-julung ngajalingjing [8-i]
sisi balong balingbing sisi balungbang [12-a]


DANGDANGGULA

Méga beureum surupna geus burit [10-i]
ngalanglayung panas pipikiran [10-a]
cikur jangkung jahé konéng [8-é]
naha teu palay tepung [7-u]
simabdi mah ngabeunying leutik [9-i]
ari ras cimataan [7-a]
gedong tengah laut [6-u]
ulah kapalang nya béla [8-a]
paripaos gunting pameulahan gambir [12-i]
kacipta salamina [7-a]


BALAKBAK

Aya warung sisi jalan ramé pisan, Citaméng [15-é]
Awéwéna luas-luis geulis pisan, ngagoréng [15-é]
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyét, nyanggéréng [19-é]

DURMA

Moal ngejat sanajan ukur satapak [12-a]
geus dipasti ku jangji [7-i]
mun tacan laksana [6-a]
numpes musuh sarakah [7-a]
henteu niat seja balik [8-i]
najan palastra [5-a]
mati di médan jurit [7-i]

GAMBUH

Ngahuleng banget bingung [7-u]
henteu terang ka mana nya indit [10-i]
turug-turug harita téh enggeus burit [12-i]
panon poé geus rék surup [8-u]
keueung sieun aya méong [8-o]

GURISA

Hayang teuing geura beurang (8-a)
geus beurang rék ka Sumedang (8-a)
nagih kanu boga hutang (8-a)
mun meunang rék meuli soang (8-a)
tapi najan henteu meunang (8-a)
mo rék buru-buru mulang (8-a)
rék terus guguru nembang (8-a)
jeung diajar nabeuh gambang (8-a)

JURUDEMUNG

Mungguh nu hirup di dunya [8-a]
ku kersaning anu Agung [8-u]
geus pinasti panggih [6-i]
jeung dua rupa perkara [8-a]
senang paselang jeung bingung [8-u]

LADRANG

Aya hiji rupa sato leutik [10-i]
éngkang-éngkang, éngkang-éngkang [8-a]
sok luluncatan di cai [8-i]
ari bangun arék sarupa jeung lancah [12-a]

LAMBANG

Nawu kubang sisi tegal [8-a]
nyiar bogo meunang kadal [8-a]
atuh teu payu dijual [8-a]
rék didahar da teu halal [8-a]

MAGATRU

Peuyeum sampeu dagangan ti Rancapurut [12-u]
dijual dua saduit [8-i]
dituruban daun waru [8-u]
diwadahan daun jati [8-i]
katuangan anu ompong [8-o]

MASKUMAMBANG

Hé manusa mana kaniaya teuing [12-i]
teu aya rasrasan [6-a]
kaula maké disumpit [8-i]
naha naon dosa kula [8-a]

MIJIL

Mesat ngapung putra sang Arimbi [10-i]
jeung méga geus awor [6-o]
beuki lila beuki luhur baé [10-é]
larak-lirik ningali ka bumi [10-i]
milari sang rayi [6-i]
Pangéran Bimanyu [6-u]

PANGKUR

Seja nyaba ngalalana (8-a)
ngitung lembur ngajajah milangan kori (12-i)
henteu puguh nu dijugjug (8-u)
balik paman sadaya (7-a)
nu ti mana tiluan semu rarusuh (12-u)
Lurah Begal ngawalonan (8-a)
Aing ngaran Jayapati (8-i)

PUCUNG

Lutung buntung luncat kana tunggul gintung [12-u]
monyét loréng leupas [6-a]
luncat kana pager déngdék [8-é]
bajing kuning jaralang belang buntutna [12-a]

WIRANGRONG

Barudak mangka ngalarti [8-i]
ulah rék ka dalon-dalon [8-o]
enggon-enggon nungtut élmu [8-u]
mangka getol mangka tigin [8-i]
pibekeleun saréréa [8-a]
modal bakti ka nagara [8-a]


ISTILAH PATUKANGAN

Anjun : tukang nyieun parabot tina taneuh
Bengkong : tukang sunat
Candoli : awéwé tukang ngatur kadaharan di nu hajatat
Gending : tukang nyieun parabot tina kuningan
Paraji : tukang ngurus jalma anu ngalahirkeun
Jagal : tukang meuncit sapi atawa munding
Kabayan : tukang babantu
Kamasan : tukang nyieun parabot tina emas
Kuncen : tukangngajaga/miara makam, tempat karamat
Malim : tukang nalukeun sasatoan
Maranggi : tukang nyeun keris
Merebot : tukang nakol bedug di masjid
Muadin : tukang adan
Nayaga : tukangtukang nabeuh gamelan
Nyarawedi : tukang ngagosok permata
Paledang : tukang parabot tina tambaga
Palika : tukang teuleum
Pamatang : tukang moro
Pamayang : tukang tukang ngala lauk di laut
Panday : tukang parabot tina beusi
Paneresan : tukang nyadap
Sarati : tukang ngusir gajah

ISTILAH PATEMPATAN


Babantar : bagian walungan anu déét
Situ : sarupa balong ngan leuwih gedé
Bobojong : tanah anu nyodor ka cai di sisi walungan
Tutugan : cai gedé anu ngucur ti girang ka muara
Pasir : gunung leutik sarta handap
Huma : tanah di lamping gunung anu dipelakan paré
Muara : tutugan walungan, tempat patepung walungan jeung laut
Jungkrang : bagian taneuh anu jero, sisi-sisina gurawés
Kebon : tanah anu dipelakan rupa-rupa pepelakan
Sampalan : tegalan, tanah datar di leuweung/sisi lembur
Lamping : bagian gunung antara puncak jeung tutugan
Lembur : kampung, tempat padumukan
Leuwi : bagian walungan anu jero

NGARAN WANCI


Balébat : wanci pajar, mimiti témbong cahaya panon poé.
(kira-kira jam 04.30 – 05.00)
Carangcang tihang : wanci liwat pajar, téténjoan can pati tétéla.
(kira-kira jam 05.00 – 05.30)
Haneut moyan : cahaya panon poé keur meujeuhna geunah dipakemoyan.
(kira-kira jam 08.00 – 08.30)
Rumangsang : cahaya panon poé geus mimiti panas
(kira-kira jam 09.00)
Pecat sawed : munding anu dipaké ngagaru di sawah geus
meujeuhna reureuh, dibuka sawedna
(kira-kira jam 10.00)
Manceran : wanci tengah poé.
(kira-kira jam 12.00)
Lingsir ngulon : panon poé geus ngeser ka beulah kulon.
(kira-kira jam 12.00-12.30)
Tunggang gunung : panon poé katenjo aya di luhureun gunung
(kira-kira jam 16.00-17.00)
Sariak layung : layung di langit geus katenjo ngempur
(kira-kira jam 17.30-18.00)
Sareupna : wanci magrib, geus mimiti poék
(kira-kira jam 18.00-18-30)
Sareureuh budak : wanci budak geus saré
(kira-kira jam 20.00)
Sareureuh kolot : wanci kolot geus saré
(kira-kira jam 22.00)
Tengah peuting : kira-kira jam 24.00
Janari gede : kira-kira jam 02.00-04.30
Janari leutik : kira-kira jam 03.00-04.00 DIAJAR BASA SUNDA
NGARAN ANAK-ANAKAN

Anak Jelema : orok
Anak buhaya : bocokok
Anak monyet : begog
Anak babi : begu
Anak bagong : bebenyit
Anak belut : kuntit
Anak kuda : belo
Anak ucing : bilatung
Anak munding : eneng
Anak bogo : cingok
Anak lele : nanahaon
Anak meri : titit
Anak japati : piyik
Anak hayam : ciak
Anak bandeng : nener
Anak lauk emas : burayak/kebul
Anak anjing : kirik
Anak gajah : menel
Anak domba : jando
Anak maung : aom
Anak sapi : pedet
Anak entog : titit
Anak bajing : kekes
Anak banteng : bangkanang
Anak boncel : bayong
Anak embe : ceme
Anak gabus : kocolan
Anak keuyeup : bonceret
Anak kutu : kuar
Anak lubang : leungli
Anak reungit : utek-utek
Anak lauk : huripan

NGARAN KEKEMBANGAN

Kembang cau : jantung
Kembang awi : eumbreuk
Kembang kawung : pengis
Kembang kadu : olohok
Kembang boled : atela
Kembang jengkol : merekenenyen
Kembang pare : ringsang
Kembang bawang : ulated
Kembang jambe : mayang
Kembang kalapa : suligar
Kembang tangkil : uceng
Kembang sampeu : dingdet
Kembang gedang : ingwang
Kembang kaso : curiwis
Kembang laja : jamtrot
Kembang jeruk : angkruk (angkes)
Kembang limus : seleksek
Kembang jambu batu : karuk
Kembang cengek : mencenges
Kembang jambu aer : lenyap
Kembang bako : bosongot
Kembang bolang : ancal
Kembang salak : gojod
Kembang muncang : rinuy
Kembang genjer : gelenye
Kembang eurih : ancul
Kembang koneng : badul
Kembang lopang : cacas
Kembang waluh : alewoh
Kembang engkol : kiciwis
Kembang cikur : jelengut
Kembang hoe : bubuay
Kembang jaat : jalinger
Kembang jarak : uing
Kembang jotang : puntung
Kembang leunca : pengit
Kembang peuteuy :

17 PUPUH SUNDA

KINANTI

Budak leutik bisa ngapung,
Babaku ngapungna peuting,
Ngalayang kakalayangan,
Neangan nu amis-amis,
Sarupaning bubuahan,
Naon bae nu kapanggih.

ASMARANDANA

Éling-éling mangka éling [8-i]
rumingkang di bumi alam [8-a]
darma wawayangan baé [8-é]
raga taya pangawasa [8-a]
lamun kasasar lampah [7-a]
nafsu nu matak kaduhung [8-u]
badan anu katempuhan [8-a]

SINOM

Warna-warna lauk émpang [8-a]
aya nu sami jeung pingping [8-i]
pagulung patumpang-tumpang [8-a]
Ratna Rengganis ningali [8-i]
warnaning lauk cai [7-i]
lalawak pating suruwuk [8-u]
sepat patingk(ar)océpat [(8)7-a]
julung-julung ngajalingjing [8-i]
sisi balong balingbing sisi balungbang [12-a]


DANGDANGGULA

Méga beureum surupna geus burit [10-i]
ngalanglayung panas pipikiran [10-a]
cikur jangkung jahé konéng [8-é]
naha teu palay tepung [7-u]
simabdi mah ngabeunying leutik [9-i]
ari ras cimataan [7-a]
gedong tengah laut [6-u]
ulah kapalang nya béla [8-a]
paripaos gunting pameulahan gambir [12-i]
kacipta salamina [7-a]


BALAKBAK

Aya warung sisi jalan ramé pisan, Citaméng [15-é]
Awéwéna luas-luis geulis pisan, ngagoréng [15-é]
Lalakina lalakina los ka pipir nyoo monyét, nyanggéréng [19-é]

DURMA

Moal ngejat sanajan ukur satapak [12-a]
geus dipasti ku jangji [7-i]
mun tacan laksana [6-a]
numpes musuh sarakah [7-a]
henteu niat seja balik [8-i]
najan palastra [5-a]
mati di médan jurit [7-i]

GAMBUH

Ngahuleng banget bingung [7-u]
henteu terang ka mana nya indit [10-i]
turug-turug harita téh enggeus burit [12-i]
panon poé geus rék surup [8-u]
keueung sieun aya méong [8-o]

GURISA

Hayang teuing geura beurang (8-a)
geus beurang rék ka Sumedang (8-a)
nagih kanu boga hutang (8-a)
mun meunang rék meuli soang (8-a)
tapi najan henteu meunang (8-a)
mo rék buru-buru mulang (8-a)
rék terus guguru nembang (8-a)
jeung diajar nabeuh gambang (8-a)

JURUDEMUNG

Mungguh nu hirup di dunya [8-a]
ku kersaning anu Agung [8-u]
geus pinasti panggih [6-i]
jeung dua rupa perkara [8-a]
senang paselang jeung bingung [8-u]

LADRANG

Aya hiji rupa sato leutik [10-i]
éngkang-éngkang, éngkang-éngkang [8-a]
sok luluncatan di cai [8-i]
ari bangun arék sarupa jeung lancah [12-a]

LAMBANG

Nawu kubang sisi tegal [8-a]
nyiar bogo meunang kadal [8-a]
atuh teu payu dijual [8-a]
rék didahar da teu halal [8-a]

MAGATRU

Peuyeum sampeu dagangan ti Rancapurut [12-u]
dijual dua saduit [8-i]
dituruban daun waru [8-u]
diwadahan daun jati [8-i]
katuangan anu ompong [8-o]

MASKUMAMBANG

Hé manusa mana kaniaya teuing [12-i]
teu aya rasrasan [6-a]
kaula maké disumpit [8-i]
naha naon dosa kula [8-a]

MIJIL

Mesat ngapung putra sang Arimbi [10-i]
jeung méga geus awor [6-o]
beuki lila beuki luhur baé [10-é]
larak-lirik ningali ka bumi [10-i]
milari sang rayi [6-i]
Pangéran Bimanyu [6-u]

PANGKUR

Seja nyaba ngalalana (8-a)
ngitung lembur ngajajah milangan kori (12-i)
henteu puguh nu dijugjug (8-u)
balik paman sadaya (7-a)
nu ti mana tiluan semu rarusuh (12-u)
Lurah Begal ngawalonan (8-a)
Aing ngaran Jayapati (8-i)

PUCUNG

Lutung buntung luncat kana tunggul gintung [12-u]
monyét loréng leupas [6-a]
luncat kana pager déngdék [8-é]
bajing kuning jaralang belang buntutna [12-a]

WIRANGRONG

Barudak mangka ngalarti [8-i]
ulah rék ka dalon-dalon [8-o]
enggon-enggon nungtut élmu [8-u]
mangka getol mangka tigin [8-i]
pibekeleun saréréa [8-a]
modal bakti ka nagara [8-a]


ISTILAH PATUKANGAN

Anjun : tukang nyieun parabot tina taneuh
Bengkong : tukang sunat
Candoli : awéwé tukang ngatur kadaharan di nu hajatat
Gending : tukang nyieun parabot tina kuningan
Paraji : tukang ngurus jalma anu ngalahirkeun
Jagal : tukang meuncit sapi atawa munding
Kabayan : tukang babantu
Kamasan : tukang nyieun parabot tina emas
Kuncen : tukangngajaga/miara makam, tempat karamat
Malim : tukang nalukeun sasatoan
Maranggi : tukang nyeun keris
Merebot : tukang nakol bedug di masjid
Muadin : tukang adan
Nayaga : tukangtukang nabeuh gamelan
Nyarawedi : tukang ngagosok permata
Paledang : tukang parabot tina tambaga
Palika : tukang teuleum
Pamatang : tukang moro
Pamayang : tukang tukang ngala lauk di laut
Panday : tukang parabot tina beusi
Paneresan : tukang nyadap
Sarati : tukang ngusir gajah

ISTILAH PATEMPATAN


Babantar : bagian walungan anu déét
Situ : sarupa balong ngan leuwih gedé
Bobojong : tanah anu nyodor ka cai di sisi walungan
Tutugan : cai gedé anu ngucur ti girang ka muara
Pasir : gunung leutik sarta handap
Huma : tanah di lamping gunung anu dipelakan paré
Muara : tutugan walungan, tempat patepung walungan jeung laut
Jungkrang : bagian taneuh anu jero, sisi-sisina gurawés
Kebon : tanah anu dipelakan rupa-rupa pepelakan
Sampalan : tegalan, tanah datar di leuweung/sisi lembur
Lamping : bagian gunung antara puncak jeung tutugan
Lembur : kampung, tempat padumukan
Leuwi : bagian walungan anu jero

NGARAN WANCI


Balébat : wanci pajar, mimiti témbong cahaya panon poé.
(kira-kira jam 04.30 – 05.00)
Carangcang tihang : wanci liwat pajar, téténjoan can pati tétéla.
(kira-kira jam 05.00 – 05.30)
Haneut moyan : cahaya panon poé keur meujeuhna geunah dipakemoyan.
(kira-kira jam 08.00 – 08.30)
Rumangsang : cahaya panon poé geus mimiti panas
(kira-kira jam 09.00)
Pecat sawed : munding anu dipaké ngagaru di sawah geus
meujeuhna reureuh, dibuka sawedna
(kira-kira jam 10.00)
Manceran : wanci tengah poé.
(kira-kira jam 12.00)
Lingsir ngulon : panon poé geus ngeser ka beulah kulon.
(kira-kira jam 12.00-12.30)
Tunggang gunung : panon poé katenjo aya di luhureun gunung
(kira-kira jam 16.00-17.00)
Sariak layung : layung di langit geus katenjo ngempur
(kira-kira jam 17.30-18.00)
Sareupna : wanci magrib, geus mimiti poék
(kira-kira jam 18.00-18-30)
Sareureuh budak : wanci budak geus saré
(kira-kira jam 20.00)
Sareureuh kolot : wanci kolot geus saré
(kira-kira jam 22.00)
Tengah peuting : kira-kira jam 24.00
Janari gede : kira-kira jam 02.00-04.30
Janari leutik : kira-kira jam 03.00-04.00